Rabu, 12 September 2018

Makna Qurban

Makna Qurban

Puji urang sanggakeun ka nu maha suci rehing anjeunna hiji-hijina gusti robbul izzati anu qiyamuhu binafsihi, puja urang sanggakeun ka dzat nu maha uninga rehna anjeunna Alloh azza wa jalla, Alhamdulillah berkat mantenna urang sadaya tiasa riung mumpulung patepung lawung patembok pa amprok jonghok dina raraga babakti diri kanu maha suci pikeun ngalaksanakeun ibadah anu aya patula patalina sareng ibadah haji ti kawit saum satu harina, sholat idul adhana katut peupeuncitan ibadah qurbanna.

Teu aya agama anu paling perhatian sareng taliti salain agama islam tina perkawis masalah ibadah sareng muamalah sok sanajan eta masalah teh ngan saukur sepele contona bae masalah peupeuncitan. Maka lamun seug eta peupeuncitan teh niat jeung dilakukeunna bener maka baris jadi pahala jeung halal pikeun dituangna, tapi sabalikna lamun niat jeung dilakukeun salah maka eta teh  baris jadi barang anu haram jeung dosa pikeun nuangna.
ôMtBÌhãm ãNä3øn=tæ èptGøŠyJø9$# ãP¤$!$#ur ãNøtm:ur ͍ƒÌYσø:$# !$tBur ¨@Ïdé& ÎŽötóÏ9 «!$# ¾ÏmÎ/
Dina islam peupuncitan teh kabagi kana 4 bagian nyaeta:
1.       Dzabaha linafsihi ( peupeucitan pikeun dirina sorangan / biasa), tegesna ieu peupeuncitan teh teu aya patula patalina sareng cara, tempat jeung waktuna
2.       Hadyu, peupeuncitan anu dilakukeun nalika ngalaksanakeun ibadah haji, maka lamun seug mah anu ibadah haji teu bisa ngalaksanakeun hadyu kusabab teu gaduh artos, seefeun artosna, sesah milari satona maka wajib pikeun manehna ngalaksanakeun saum salila 10 poe, 3 poe nalika keur ibadah haji, 7 poe nalika geus balik ka lemburna
3.       Aqiqah, peupeuncitan anu dilakukeun dina poe ka 7 saenggeus  lahirna budak,lamun lalaki 2 awewe 1
4.       udhiyah, peupeuncitan anu dilakukeun dina poe idul adha tanggal 10 jeung poe-poe tasyrik 11, 12, 13

Hadyu, aqiqah, qurban mangrupakeun peupeuncitan anu parantos ditentukan carana, tempatna sareng waktuna. Urang teu bisa ngalaksanakeun sakahayang hate urang. Misalkan aqiqah dilakukeun dina poe ka 10 terus daging diasakkeun heula maka eta moal kalebet kana aqiqah tapi dzahaba linafsihi.
أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ كُلُّ غُلَامٍ رَهِينَةٌ بِعَقِيقَتِهِ تُذْبَحُ عَنْهُ يَوْمَ سَابِعِهِ وَيُحْلَقُ وَيُسَمَّى
Saestuna Rasulullah saw parantos sasauran “Satiap anak tergadai ku aqiqahna maka prak peuncit sato pikeun manehna tina poe ka tujuh, cukur buukna jeung bere ngaran (hr. Abu Dawud : 2455)

Atanapi qurban di peuncitna sateuacan sholat idul adha, maka eta moal kalebet kana qurban tapi kalebet kana dzahaba linafsihi
قَالَ النَّبِيُّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ مَنْ ذَبَحَ قَبْلَ الصَّلَاةِ فَإِنَّمَا ذَبَحَ لِنَفْسِهِ وَمَنْ ذَبَحَ بَعْدَ الصَّلَاةِ فَقَدْ تَمَّ نُسُكُهُ وَأَصَابَ سُنَّةَ الْمُسْلِمِينَ
Ti Anas bin Malik r.a. anjeunna nyarios: nabi shalallahu ‘alaihi wa sallam parantos sasauran: singsaha anu meuncit sato qurban sateuacan shalat idul adha maka saestuna meuncitna teh pikeun dirina sorangan jeung sing saha anu meuncitna saenggeus sholat idul adha maka temen ibadah qurban nateh geus sampurna jeung sesuai sareng sunah jalma-jalma muslim. (Hr. bukhari : 5120)

Naon atuh anu disebut qurban? Upami ditinggal secara bahasa qurban teh asal katana tina qoruba – yaqrubu – qurbanan hartosna deukeut / ngadeukeutkeun diri. Ari ngadeukeutkeun diri mah kunaon bae oge tiasa. Ngadeukeutkeun diri ku ngagunakeun tenaga / fisik saperti shalat, Ngadeukeutkeun diri ku ngagunakeun harta saperti zakat, infaq, Ngadeukeutkeun diri ku ngagunakeun ka sabaran saperti shaum, Ngadeukeutkeun diri ku ngagunakeun tenaga, harta jeung kasabaran saperti ibadah haji.
Sedengkeun secara istilah yen anu disebut qurban teh nyaeta:
اسم لما يذبح فى أيام النحر بنية القربة إلى الله تعالى
Hiji ngaran anu dipeuncit di poe nahr kalawan niatna ngadeukeutkeun diri ka Allah swt

Tegesna ieu jalma teh ngalakukeun qurban, sabab ieu teh pagawean anu dipikaresep ku Alloh swt sakumaha dina hadits
أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ مَا عَمِلَ آدَمِيٌّ مِنْ عَمَلٍ يَوْمَ النَّحْرِ أَحَبَّ إِلَى اللَّهِ مِنْ إِهْرَاقِ الدَّمِ
Ti Aisyah saestuna Rasulullah saw parantos sasauran teu aya amal anak adam anu dilakukeun dina poe nahr anu lebih dipikaresep ku Allah swt kecuali ngucurkeun getih (sato qurban)

Kuninggal definisi eta yen qurban ngandung makna formal jeung substansial. Ari makna formal qurban nyaeta ibadah mahdoh anu parantos ditentukeun jenis sato qurbanna, tata cara jeung waktuna. Sedengkeun cara substansial yen hakekat qurban teh nyaeta pengorbanan manusa tina naon-naon anu dipikaboga jeung anu dipikacinta pikeun ngadeukeutkeun diri ka Allah swt. Tah tina sudut ieu mah mung jalma anu iman, anu bertauhid jeung anu taqwa anu baris ngorbankeun naon-naon anu dipikaresep didunia pikeun ngaraih kacintaan jeung karidho allah swt.

Saking eratna hubungan qurban jeung tauhid sarta katakwaan dugikeun Allah swt ngarendengkeun parentah shalat jeung qurban “fa shalli lirabbika wanhar” (maka prak aranjeun geura laksanakeun shalat sarta prak geura qurban).

Kusabab kitu nalika urang ngalaksanakeun qurban teh kedah bener-bener niatna karena Allah, bener-bener takwa karena Allah, sabab lamun seug mah niatna sanes katakwaan tangtu eta teh janten ibadah anu mardud (tertolak) sanes anu mabrur (tampi). Sakumaha Allah swt tos sasauran dina quran surat Al-Hajj ayat 37:
`s9 tA$uZtƒ ©!$# $ygãBqçté: Ÿwur $ydät!$tBÏŠ `Å3»s9ur ã&è!$uZtƒ 3uqø)­G9$# öNä3ZÏB 4
Moal dugi ka Alloh daging sareng getih sato qurban anging anu baris dugi ka anjeunna teh nyaeta katakwaan aranjeun
Bahkan dina ayat anu sanes mah (Qs. Al-Maidah ; 27), Alloh parantos negaskeun:
$yJ¯RÎ) ã@¬7s)tGtƒ ª!$# z`ÏB tûüÉ)­FßJø9$#
Saestuna taya lian Alloh baris nampi qurban ti jalma-jalma anu takwa

Sajarah qurban ieu ngabuktikeun yen manusa anu paling luhur sareng ageung pangorbanan ka Allah swt nyaeta nabi Ibrahim sahingga qurban teh sok disebat sunah Ibrahim atanapi warisan nabi Ibrahim, dimana anjeunna kedah siap jeung rela ngorbankeun putrana pikeun ngadeukeutkeun diri babakti kanu maha suci kucara meuncit eta anu janten putrana. Tah ieu teh ujian anu kacida beuratna maka wajar upami Ibrahim dipasihan gelar “khalilullah” kakasih Allah.
Kumargi upama ninggal qurban nabi-nabi anu sanes mah kaetang teu abot teuing, misalkan nabi adam qurban ku sato jeung hasil tatanen, nabi idris ku bebeutian, nabi nuh ku katuangeung (sembako), nabi Ibrahim mah ku roti jeung ku mencit sato

Aya sababaraha conto pangorbanan nabi ibrahim sareng kaluargana anu sanesna nyaeta:
1.       Nabi Ibrahim ngorbankeun kasih sayang sepuhna. Anjeunna milih deukut sareng Allah dari pada sareng bapana anu terkenal tukang nyieunan berhala. Sanaos kitu, salaku putra anu babakti kanu janten sepuhna, anjeunna teu petot-petot ngajak jeung ngelingan kana jalan anu bener. Tetapi anu akhirna anjeunna malah diusir tibumina.
2.       Nabi Ibrahim ngorbankeun jiwa raga demi membela aqidah. Anjeunna ngadongkapan tempat peribadahan jalma-jalma sesat tuluy ngancurkeun berhala-berhala manehna. Sok sanaos anjeunna terang yen ngancurkeun ieu berhala baris keuna kuhukuman atawa siksaan anu baris ngeleungitkeun nyawana.anu akhirna nabi Ibrahim dihukum ku cara di duruk hirup-hiruo tapi Allah nyalametkeun nyawa nabi Ibrahim ku cara mere parentah ka seuneu anu asalna panas jadi tiis.
$uZù=è% â$uZ»tƒ ÎTqä. #YŠöt/ $¸J»n=yur #n?tã zOŠÏdºtö/Î)
Alloh ngadawuh; hai saneu kudu tiis anjeun sartasalametkeun Ibrahim (Qs. Al-Anbiyaa; 69)

3.       Nabi Ibrahim diparentahkeun dakwah ka negri anu jauh, nyaeta dari babilon ke syam sampai ke mesir.
4.       Pengorbanan istri nabi Ibrahim, sarah ku cara rela ngabagi perasaan cintana sareng istri anu sanes, kucara miwarang ka nabi Ibrahim nikah deui, nalika nabi Ibrahim ngadangu sangkan dipaprin turunan anu shalih.
5.       Pengorbanan hajar, ku rela berpisah sareng carogena ku cara ditempatkeun di tempat  anu sepi jauh tina karamaian

Sok sanaos qurban teh mangrupkeun sunah hukumna tapi  kacida dianjurkeunna, terutama pikeun jalma anu mampuh dijalanna. Ku margi ngagaduhan manfaat pikeun ngajaga keharmonisan, karukunan sareng kadamaian hirup bermasyarakat, lamun seug dasarna manusa resep nulung kanu butuh nalang kanu susah jeung rela berbagi ka sasama manusa kuniatan ngaharep ridha Allah sarta wani ngorbankeun sifat angkara murka saperti rakus, serakah, iri dengki anu mangrupakeun tabeat binatang.