Makna Qurban
Puji urang sanggakeun ka nu maha suci rehing
anjeunna hiji-hijina gusti robbul izzati anu qiyamuhu binafsihi, puja urang
sanggakeun ka dzat nu maha uninga rehna anjeunna Alloh azza wa jalla,
Alhamdulillah berkat mantenna urang sadaya tiasa riung mumpulung patepung
lawung patembok pa amprok jonghok dina raraga babakti diri kanu maha suci
pikeun ngalaksanakeun ibadah anu aya patula patalina sareng ibadah haji ti
kawit saum satu harina, sholat idul adhana katut peupeuncitan ibadah qurbanna.
Teu aya agama anu paling perhatian sareng taliti
salain agama islam tina perkawis masalah ibadah sareng muamalah sok sanajan eta
masalah teh ngan saukur sepele contona bae masalah peupeuncitan. Maka lamun
seug eta peupeuncitan teh niat jeung dilakukeunna bener maka baris jadi pahala
jeung halal pikeun dituangna, tapi sabalikna lamun niat jeung dilakukeun salah
maka eta teh baris jadi barang anu haram
jeung dosa pikeun nuangna.
ôMtBÌhãm ãNä3øn=tæ èptGøyJø9$# ãP¤$!$#ur ãNøtm:ur ÍÌYÏø:$# !$tBur ¨@Ïdé& ÎötóÏ9 «!$# ¾ÏmÎ/
Dina islam peupuncitan teh kabagi kana 4 bagian
nyaeta:
1.
Dzabaha linafsihi (
peupeucitan pikeun dirina sorangan / biasa), tegesna ieu peupeuncitan teh teu
aya patula patalina sareng cara, tempat jeung waktuna
2.
Hadyu, peupeuncitan anu
dilakukeun nalika ngalaksanakeun ibadah haji, maka lamun seug mah anu ibadah
haji teu bisa ngalaksanakeun hadyu kusabab teu gaduh artos, seefeun artosna,
sesah milari satona maka wajib pikeun manehna ngalaksanakeun saum salila 10
poe, 3 poe nalika keur ibadah haji, 7 poe nalika geus balik ka lemburna
3.
Aqiqah, peupeuncitan anu
dilakukeun dina poe ka 7 saenggeus lahirna budak,lamun lalaki 2 awewe 1
4.
udhiyah, peupeuncitan anu
dilakukeun dina poe idul adha tanggal 10 jeung poe-poe tasyrik 11, 12, 13
Hadyu, aqiqah, qurban mangrupakeun peupeuncitan anu
parantos ditentukan carana, tempatna sareng waktuna. Urang teu bisa
ngalaksanakeun sakahayang hate urang. Misalkan aqiqah dilakukeun dina poe ka 10
terus daging diasakkeun heula maka eta moal kalebet kana aqiqah tapi dzahaba
linafsihi.
أَنَّ
رَسُولَ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ كُلُّ غُلَامٍ رَهِينَةٌ
بِعَقِيقَتِهِ تُذْبَحُ عَنْهُ يَوْمَ سَابِعِهِ وَيُحْلَقُ وَيُسَمَّى
Saestuna Rasulullah saw parantos
sasauran “Satiap anak tergadai ku aqiqahna maka prak peuncit sato pikeun
manehna tina poe ka tujuh, cukur buukna jeung bere ngaran (hr. Abu Dawud :
2455)
Atanapi qurban di peuncitna sateuacan sholat idul
adha, maka eta moal kalebet kana qurban tapi kalebet kana dzahaba linafsihi
قَالَ
النَّبِيُّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ مَنْ ذَبَحَ قَبْلَ الصَّلَاةِ
فَإِنَّمَا ذَبَحَ لِنَفْسِهِ وَمَنْ ذَبَحَ بَعْدَ الصَّلَاةِ فَقَدْ تَمَّ نُسُكُهُ
وَأَصَابَ سُنَّةَ الْمُسْلِمِينَ
Ti Anas bin Malik r.a. anjeunna nyarios: nabi shalallahu
‘alaihi wa sallam parantos sasauran: singsaha anu meuncit sato qurban sateuacan
shalat idul adha maka saestuna meuncitna teh pikeun dirina sorangan jeung sing
saha anu meuncitna saenggeus sholat idul adha maka temen ibadah qurban nateh
geus sampurna jeung sesuai sareng sunah jalma-jalma muslim. (Hr. bukhari :
5120)
Naon
atuh anu disebut qurban? Upami ditinggal secara bahasa qurban teh asal katana
tina qoruba – yaqrubu – qurbanan hartosna deukeut / ngadeukeutkeun diri. Ari
ngadeukeutkeun diri mah kunaon bae oge tiasa. Ngadeukeutkeun diri ku
ngagunakeun tenaga / fisik saperti shalat, Ngadeukeutkeun diri ku ngagunakeun
harta saperti zakat, infaq, Ngadeukeutkeun diri ku ngagunakeun ka sabaran
saperti shaum, Ngadeukeutkeun diri ku ngagunakeun tenaga, harta jeung kasabaran
saperti ibadah haji.
Sedengkeun
secara istilah yen anu disebut qurban teh nyaeta:
اسم لما يذبح فى أيام النحر بنية القربة إلى
الله تعالى
Hiji ngaran anu dipeuncit di poe nahr kalawan niatna
ngadeukeutkeun diri ka Allah swt
Tegesna
ieu jalma teh ngalakukeun qurban, sabab ieu teh pagawean anu dipikaresep ku
Alloh swt sakumaha dina hadits
أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ
وَسَلَّمَ قَالَ مَا عَمِلَ آدَمِيٌّ مِنْ عَمَلٍ يَوْمَ النَّحْرِ أَحَبَّ إِلَى اللَّهِ
مِنْ إِهْرَاقِ الدَّمِ
Ti
Aisyah saestuna Rasulullah saw parantos sasauran teu aya amal anak adam anu
dilakukeun dina poe nahr anu lebih dipikaresep ku Allah swt kecuali ngucurkeun
getih (sato qurban)
Kuninggal
definisi eta yen qurban ngandung makna formal jeung substansial. Ari makna
formal qurban nyaeta ibadah mahdoh anu parantos ditentukeun jenis sato
qurbanna, tata cara jeung waktuna. Sedengkeun cara substansial yen hakekat
qurban teh nyaeta pengorbanan manusa tina naon-naon anu dipikaboga jeung anu
dipikacinta pikeun ngadeukeutkeun diri ka Allah swt. Tah tina sudut ieu mah
mung jalma anu iman, anu bertauhid jeung anu taqwa anu baris ngorbankeun
naon-naon anu dipikaresep didunia pikeun ngaraih kacintaan jeung karidho allah
swt.
Saking
eratna hubungan qurban jeung tauhid sarta katakwaan dugikeun Allah swt
ngarendengkeun parentah shalat jeung qurban “fa shalli lirabbika wanhar” (maka
prak aranjeun geura laksanakeun shalat sarta prak geura qurban).
Kusabab
kitu nalika urang ngalaksanakeun qurban teh kedah bener-bener niatna karena
Allah, bener-bener takwa karena Allah, sabab lamun seug mah niatna sanes
katakwaan tangtu eta teh janten ibadah anu mardud (tertolak) sanes anu mabrur
(tampi). Sakumaha Allah swt tos sasauran dina quran surat Al-Hajj ayat 37:
`s9 tA$uZt ©!$# $ygãBqçté: wur $ydät!$tBÏ `Å3»s9ur ã&è!$uZt 3uqø)G9$# öNä3ZÏB 4
Moal dugi ka Alloh daging sareng getih
sato qurban anging anu baris dugi ka anjeunna teh nyaeta katakwaan aranjeun
Bahkan dina ayat anu sanes mah (Qs. Al-Maidah ;
27), Alloh parantos negaskeun:
$yJ¯RÎ) ã@¬7s)tGt ª!$# z`ÏB tûüÉ)FßJø9$#
Saestuna taya lian Alloh baris nampi
qurban ti jalma-jalma anu takwa
Sajarah qurban ieu ngabuktikeun yen manusa anu
paling luhur sareng ageung pangorbanan ka Allah swt nyaeta nabi Ibrahim
sahingga qurban teh sok disebat sunah Ibrahim atanapi warisan nabi Ibrahim,
dimana anjeunna kedah siap jeung rela ngorbankeun putrana pikeun ngadeukeutkeun
diri babakti kanu maha suci kucara meuncit eta anu janten putrana. Tah ieu teh ujian
anu kacida beuratna maka wajar upami Ibrahim dipasihan gelar “khalilullah”
kakasih Allah.
Kumargi upama ninggal qurban nabi-nabi anu sanes
mah kaetang teu abot teuing, misalkan nabi adam qurban ku sato jeung hasil
tatanen, nabi idris ku bebeutian, nabi nuh ku katuangeung (sembako), nabi
Ibrahim mah ku roti jeung ku mencit sato
Aya sababaraha conto pangorbanan nabi ibrahim sareng
kaluargana anu sanesna nyaeta:
1.
Nabi Ibrahim ngorbankeun
kasih sayang sepuhna. Anjeunna milih deukut sareng Allah dari pada sareng bapana
anu terkenal tukang nyieunan berhala. Sanaos kitu, salaku putra anu babakti
kanu janten sepuhna, anjeunna teu petot-petot ngajak jeung ngelingan kana jalan
anu bener. Tetapi anu akhirna anjeunna malah diusir tibumina.
2.
Nabi Ibrahim ngorbankeun
jiwa raga demi membela aqidah. Anjeunna ngadongkapan tempat peribadahan
jalma-jalma sesat tuluy ngancurkeun berhala-berhala manehna. Sok sanaos
anjeunna terang yen ngancurkeun ieu berhala baris keuna kuhukuman atawa siksaan
anu baris ngeleungitkeun nyawana.anu akhirna nabi Ibrahim dihukum ku cara di
duruk hirup-hiruo tapi Allah nyalametkeun nyawa nabi Ibrahim ku cara mere
parentah ka seuneu anu asalna panas jadi tiis.
$uZù=è% â$uZ»t ÎTqä. #Yöt/ $¸J»n=yur #n?tã zOÏdºtö/Î)
Alloh ngadawuh; hai
saneu kudu tiis anjeun sartasalametkeun Ibrahim (Qs. Al-Anbiyaa; 69)
3.
Nabi Ibrahim diparentahkeun
dakwah ka negri anu jauh, nyaeta dari babilon ke syam sampai ke mesir.
4.
Pengorbanan istri nabi
Ibrahim, sarah ku cara rela ngabagi perasaan cintana sareng istri anu sanes,
kucara miwarang ka nabi Ibrahim nikah deui, nalika nabi Ibrahim ngadangu
sangkan dipaprin turunan anu shalih.
5.
Pengorbanan hajar, ku rela berpisah
sareng carogena ku cara ditempatkeun di tempat
anu sepi jauh tina karamaian